Rabu, 01 Oktober 2014

UTS GENAP 2014

ULANGAN TENGAH SEMESTER GENAP 2014
Mata Pelajaran       : Bahasa Sunda
Kelas                       : X (semua jurusan)



Sunan Ambu di kahyangan boga anak lalaki, kasép taya papadana, ngaranna Guruminda. Hiji peuting Guruminda ngimpi patepung jeung awéwé geulis, sarupa jeung Sunan Ambu. Guruminda tuluy dititah turun ka buana panca tengah, gubragna di nagara Pasir Batang nu diheuyeuk Mas Prabu Tapa Ageung. Ieu raja boga tujuh anak, awéwé wungkul. Anu bungsu ngarana Purbasari nu pangbageurna, panggeulisna.
Purbasari kapilih pikeun ngaganti raja. Éta kaputusan téh nimbulkeun pasirikan lanceuk-lanceukna, utamanana Purbararang. Purbararang tuluy nyieun réka perdaya, sangkan Purbasari turun tina kalungguhan. Ahirna Purbasari disingkahkeun ka Gunung Cupu.
Hiji poé, Purbararang nitah ngala Lutung ka Aki Panyumpit, tapi anéh di leuweung ngadak-ngadak euweuh lutung téh, padahal biasana lutung loba tinggurayang, keur kitu aya lutu
ng hiji keur guguyurangan dina tangkal. Ku Aki Panyumpit disumpitan, tapi teu daék beunang. Aki Panyumpit leuwih kaget deui waktu ngadéngé lutung téh bisa ngomong. Lutung ménta dibawa ka karaton.
Waktu si lutung dék dipeuncit di karaton, kacida lulumpatan ngaruksak barang-barang di karaton. Lutung dibawa ka leuweung pikeun maturan Purbasari. Ku lutung dipangnyieunkeun karaton anu kacida éndahna. Nénjo kitu Purbararang kacida ambekna.
Purbasari diajak rupa-rupa lomba. Ti mimiti ngabendung leuwi, ninun, pangeulis-geulis, tapi ku bantuan si Lutung, Purbasari tetep meunang. Lebah dieu Purbasari bingung, sebab kabogoh Purbararang téh satria gandang anu ngaranna Indrajaya. Ari pasangan Purbasari apan Lutung. Waktu Purbasari arék dihukum mati, si Lutung robah wujud jadi Satria gagah nyaéta Guruminda. Ahirna Purbasari jeung Guruminda jadi Raja di nagara Pasir Batang.



1.      Jejer tina dongéng di luhur nya éta ….
a.       Monyét kasarung
b.      Lutung kasasab
c.       Lutung kasarung
d.      Peucang kasarung
e.       Lutung leutik
2.      Kunaon sababna Guruminda diturunkeunkeun ka buana panca tengah?
a.       Hayang papanggih jeung awéwé impianna
b.      Dipiwarang ku Sunan Ambu
c.       Ditungguan ku Purbasari
d.      Sangkan ngadeg jadi raja
e.       Keur maturan Purbararang
3.      Saha nu dititah néangan lutung ka leuweung ku Purbararang?
a.       Aki Panyumpit
b.      Aki Léngsér
c.       Aki Semar
d.      Purbasari
e.       Purbastiti
4.      Kunaon sababna Purbasari diusir ka Gunung Cupu?
a.       Sangkan Purbasari turun tina kalungguhanana
b.      Sangkan Purbasari panggih jeung lutung
c.       Sangkan Purbasari kalaparan
d.      Sangkan Purbasari panggih jeung Tapa Ageung
e.       Sangkan Purbasari leuwih siap jadi raja
5.      Waktu Purbasari rék dihukum mati, Si Lutung robah wujud jadi jelema, Purbasari ngadeg raja di nagara ….
a.       Pasir Bata
b.      Pasir Batangan
c.       Pasir Batang
d.      Kahyangan
e.       Buana Panca Tengah
6.      Watek anu dipimilik ku Purbararang mangrupa sipat anu goréng. Hal goréng kudu jadi …keur kahirupan.
a.       Picontoeun
b.      Tuladaneun
c.       Pieunteungeun
d.      Piénténgeun
e.       pipanyakiteun
7.      Sedengkeun watek anu dipimilik ku Purbasari mangrupa sipat hadé. Hal hadé kudu jadi …..keur kahirupan.


a.       Picontoeun
b.      Pituladaneun
c.       Pieunteungeun
d.      Piénténggeun
e.       pipanyakiteun
8.      Dongéng téh sumebar ku cara lisan, istilahna sok disebut ….
a.       Tatapéla
b.      Tatalépa
c.       Pabéja-béja
d.      Tinulis
e.       Ahistoris
9.      Dongéng nu eusina nyaritakeun jalma bisa nu ngabogaan sipat teu lumrah jeung nu lian, nya éta dongéng….
a.       Fabel
b.      Parabel
c.       Pamuk
d.      Sagé
e.       Sasakala
10.  Sedengkeun dongéng anu dijerona nyaritakeun ngeunaan asal mula hiji tempat, kajadian, jeung barang, disebut dongéng …..
a.       Fabel
b.      Parabel
c.       Pamuk
d.      Sagé
e.       Sasakala
11.  Ari dongéng Prabu Siliwangi kaasup kana dongéng naon?
a.       Sasakala
b.      Pamuk
c.       Sagé
d.      Mite
e.       Parabel
12.  Sanajan ngéwa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi ari manéhna meunang karerepet mah, teu weléh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana. Teu tega ngantep.
Babasan atawa paribasa anu pantes keur harti di luhur, nya éta ….
a.       Buruk-buruk papan jati
b.      Datang katingali tarang, undur katingali punduk
c.       Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
d.      Adéan ku kuda beureum
e.       Abang-abang lambé

13.  Datang kanyahoan, balik kanyahoan, ménta idin heula.
Babasan atawa paribasa nu pantes keur ngagambarkeun harti di luhur nya éta …..
a.       Buruk-buruk papan jati
b.      Datang katingali tarang, undur katingali punduk
c.       Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
d.      Adéan ku kuda beureum
e.       Abang-abang lambé
14.  “ Hadé gogog hadé tagog”
Harti tina babasan paribasa di luhur nya éta ….
a.       Goréng-goréng gé dulur sorangan
b.      Hadé basa, parangi, sikep, nyaho tata-titi
c.       Ku leukeun mah sagala nu hésé gé jadi bisa
d.      Aya tujuan lain
e.       Sarua layeutna atawa geugeutna
15.  “Mugia kacinta jeung kaasih hidep duaan sing nepi  ka pakotrék iteuk
Harti tina babasan paribasa di luhur nya éta ….
a.       Nepi ka kawin
b.      Nepi ka dirahpalan
c.       Nepi ka maot
d.      Nepi ka aki-nini
e.       Nepi ka lulus sakola
16.  “Ari hirup mah kudu bisa pindah cai pindah tampian”, hatina ….
a.       Getol dina pagawéan nu anyar
b.      Getol dina diajar
c.       Bisa narimakeun kana kakurangan diri
d.      Bisa ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar
e.       Bisa nahan diri nalika ambek
17.  “Ari hirup téh ulah sok sombong, ngarasa aing pangpinterna, pangbeungharna, panggedé pangkatna”
Babasan atawa paribasa nu pantes keur harti di luhur nya éta ….
a.       Panjang leungeun
b.      Panjang létah
c.       Gedi bujur
d.      Gedé haté
e.       Gedé hulu

18.  “Geus dipapatahan sababaraha kali gé tetep si éta mah teu robah-robah kabiasaanna téh”
Paribasa nu pantes keur ngagambarkeun harti di luhur nya éta …..
a.       Adéan ku kuda beureum
b.      Adat kakurung ku hulu
c.       Adat kakurung ku iga
d.      Adat kakurung ku beuteung
e.       Adat-adatan da dicarékan



Pasar Rametuk
Ceuyah Lantaran Murah
               
Dur subuh sabada salat, Tarmidi geus ngagedig bari ngabengkot tas badag anu dieusi barang-barang kaperluan rumah tangga dagangkeuneun. Pamajikanana ukur jajap semet lawang panto, ari tilu budakna masih ngagaleubra. Saban poé Ahad kituna téh, da ari poé-poé biasa mah inditna sok rada nyalsé, ngider ka tempat-tempat anu sakirana loba jalma.
                Henteu tutumpakan, ti imah kontrakanana di jalan Baladéwa ka parapatan Pasteur (tempat dagangna) ukur disorang ku badarat baé. Datang ka lokasi téh rebun-rebun pisan.
                “upami abdi kasiangan mah nya lapur, margi tabuh dalapan gé tos coréngcang. Jabi lapak nu saéna tos kaeusian batur” ceuk Tarmidi, bari nerangkeun yén nu dimaksud lapak nu alus téh nya éta trotoar jalan nu pangkaimpunganana ku nu arulin.
                Sabaraha panghasilan tina sakali dadasar poé Ahad téh?
                “Alhamdulillah, ari beresihna opat puluh rébu mah kabantun ka rorompok” ceuk Tarmidi. Tangtu henteu matok sakitu, da ari poé Mingguna kabeneran bulan ngora mah sok kabagéan lima tepi ka dalapan puluh rébu mah, cenah. Ari barang anu didagangkeunana rupa-rupa, kayaning anténeu duduk, spion motor, ragaji beusi, tepi ka barang éléktronik cocooan budak.
                Tarmidi henteu ngagelarkeun dagangan sakumaha ilaharna nu muka jongko di pasar. Manéhna mah geus biasa muru pasar dadakan. Pangna disebut kitu lantaran dibukana sok ngadadak, jeung lain di tempat nu dihususkeun jadi pasar. Aya nu nyebut pasar kagét atawa pasar rametuk. Éta meureun pédah ari mimiti maju ka beurang mah sok langsung terus coréngcang.
                Jigana anu disebut pasar dadakan téh kaasup kana “fénoména anyar” dina kagiatan ékonomi ra’yat. Mimiti ceuyahna téh ti sanggeusna nagara urang katarajang gering parna alatan krisis monétér, dina taun 1997-1998. Di sabudeureun Bandung, tempat anu sok ngadadak ramé jadi pasar téh aya di sawatara lokasi. Mimitina anu aya di wewengkon Punclut, Ciumbuleuit, duméh sok réa nu ngadon olahraga jalan-jalan. Punclut jadi pamungpungan. Suasana kawas kitu téh, pikeun anu boga naluri bisnis mah dianggep lahan anu bisa mawa harepan. Anu matak, terus waé jul-jol rupa-rupa tukang dagang. Mimitina mah anu nyiar rejeki di dinya téh ukur penduduk anu aya di sabudeureunana wungkul. Tapi lila-lila mah, sanggeus kaérong loba anu balanja, tukang dagang ti nu rada jauh ogé sok ngahaja muka lapak, pasubuh-subuh.
                Tukang cocooan budak, barang éléktronik produk Cina, VCD, jam tangan, atawa pakéan jadi (lolobana mah uurutan, buangan ti Jepang atawa Korea) umumna mah nu jualanana urang sebrang; mun lain Padang atawa Palembang, biasana Batak. Butuh naon waé ogé, ceuk kasarna mah di dinya sagala nyampak. Kitu deui bangsaning kadaharan, ti mimiti timbel tepi ka cilok. Ka tukang-tukang manuk piit atawa bondol, keur cooeun barudak saharitaeun (da tara lila umurna), moal hésé néangan.
Enya, naon atuh anu euweuh di pasar rametuk? Dalah nu dagang bungbu jeung lauk asin gé aya. Lian ti Punclut, di sabudeureun Gasibu deuih (di hareupeun Gedong Saté) anu saban Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar téh. Anu ngagelar dagangan henteu ngan sawates di jero lapang, tapi tuplek ka sisi jalan. Tangtu waé macétna lalu-lintas jadi salah sahiji konsekuénsina, da jalan raya lebah dinya mah padet ku kendaraan. Terus deuih di jalan Soekarno-Hatta, lebah parapatan hareupeun kantor SAMSAT (populérna mah sok disebut Kantor Bersama), ditéma deui ku Gedébagé, dina lahan parkir angkot. Di terusan Pasteur, deukeut pintu tol, sarua deuih saban Ahad sok ramé.
                Éta minangka ukur sawatara conto, kumaha ayana raména nu disebut pasar rametuk. Bédana téh ukur dina lokasi; aya nu nampeu pisan jalan raya, aya nu rada ngelok saeutik; kawas contona di kompleks Unpad.
                Di jalan Cigagak, Kelurahan Cipadung, Kecamatan Cibiru. Di ieu jalan tutugan Gunung Manglayang téh unggal poé Ahad isuk-isuk salin jinis jadi pasar dadakan. Nu arulin jeung nu daragang pagegelek ngahiji ngaheurinan jalan.
                “Sanés urang kompleks wungkul nu arameng ka dieu téh, tapi aya ogé nu ti Ujungberung sareng Cileunyi” ceuk Dodi (28 taun), Ketua Karang Taruna Cigagak RW 15, Kelurahan Cipadung.
                Di buruan SAMSAT jalan by pass pon kitu deui. Ti wanci carancang tihang, cul-cel hiji-dua psdagang  ngagelar dagangan. Bray beurang teu kanyahoan deui nu dagang téh ujug-ujug pinuh, lain di buruan SAMSAT baé, tapi ti hareupeun kampus Uninus parat nepi ka gerbang Perumahan Kiaracondong anu panjangna kurang leuwih satengah kilométer.
                Yaya (25 Taun), salah saurang padagang di dinya nyebutkeun geus méh lima taun ngagelar daganganana, “ngahaja étang-étang ngabagéakeun nu lari sareng anu badé sarenam” cenah
                Unggal Ahad di SAMSAT sok ramé ku nu ngadon lari jeung sarenam. Malah nu ngadon jalan-jalan hungkul gé ngaleuya.
                Lian ti nu sok ngagelar saban isuk-isuk, aya deuih nu disebut ‘Pasar Jumaah’ duméh raména dina saban méméh jeung ba’da Jumaahan. Di sabudeureun masjid ieu mah raména téh. Teu ngan sawates masjid galedé wungkul (upamana Pusdai, Mujahidin, atawa Istiqomah), tapi deuih nembus masjid nua aya di jero perkantoran. Ari komoditi anu didagangkeunana mah mémang prah waé, kawas do pasar rametuk poé Ahad……..
(Kujang No. 017 Minggu I, 5 Agustus 2005)



19.  Tarmidi geus ngagedig jeung ngabengkot mawa tas badag. Rék ka mana cenah?
a.       Rék ka sawah
b.      Rék  balanja
c.       Rék dagang
d.      Rék balangsiar
e.       Rék ka pamajikan nu ngora
20.  Ari barudakna milu ngajajapkeun teu?
a.       Henteu, da ngagaleubra kéneh
b.      Enya, nepi ka parapatan
c.       Henteu, mencrong tina jandéla
d.      Henteu, nempokeun tina lawang panto
e.       Henteu, kalah ngadon ceurik
21.  Kumaha akibatna mun Tarmidi datang ka lokasina beurang?
a.       Mucekil sabab ramé
b.      Lapur, sabab nu meuli geus coréngcang
c.       Lapur, sabab nu meuli loba kénéh
d.      Mucekil, sabab nu meuli geus coréngcang
e.       Mucekil samodalna
22.  Barang naon waé nu didagangkeun ku Tarmidi téh?
a.       Jeruk, salak, bayem, wortel, kumeli, jeung kacang-kacangan
b.      Anténe, jeruk, spion, jeeung cabé-cabéan
c.       Anténe duduk, spion motor, ragaji beusi
d.      Anténe duduk, spion motor, ragaji beusi, nepi ka barang éléktronik cocooan budak.
e.       Jeruk, gedang, cabé-cabéan, terong-terongan, nepi ka cocooan budak
23.  Sok beubeunangan sabaraha beresihna nu kabawa ka imah téh?
a.       Lima puluh rébu
b.      Dua puluh rébu
c.       Opat puluh rébu
d.      Tilu puluh rébu
e.       Tujuh puluh rébu

24.  Nanon sababna pasar rametuk téh bet digolongkeun kana fénoména anyar dina kagiatan ékonomi ra’yat?
a.       Sabab mimiti ayana saprak Indonésia katarajang monetér taun 1997-1998
b.      Sabab mimiti ayana saprak Indonésia katarajang monetér taun 1996-1997
c.       Sabab mimiti ayana saprak Indonésia katarajang monetér taun 1998-1999
d.      Sabab mimiti ayana saprak Indonésia katarajang monetér taun 2004-2005
e.       Sabab mimiti ayana saprak Indonésia katarajang monetér taun 1999-2004
25.  Urang mana baé nu sok matuh jeung biasa mangkal jualan di dinya téh?
a.       Lolobana urang Padang, Garut jeung palémbang
b.      Lolobana urang Padang, Tasik, jeung Garut
c.       Lolobana urang Garut, Tasik, jeung Bandung
d.      Lolobana urang Padang, Palémbang jeung Batak
e.       Lolobana urang Padang, Batak, jeung Jawa
26.  Naon bédana pasar rametuk jeung ‘Pasar Juma’ah?
a.       Pasar rametuk ramena ku rametuk
b.      Pasar rametuk mah waktuna bébas
c.       Pasar juma’ah mah ayana saméméh juma’ahan
d.      Pasar juma’ah mah ayana sanggeus juma’ahan
e.       Teu aya bédana
27.  Mesjid mana waé nu sok kaimpungan tukang dagang téh?
a.       Pusdai, Muzahidin, atawa Istikomah
b.      Pusdai, Mujahidin, atawa Istiqomah
c.       Pusdai, Mudjahidin, atawa Istiqqomah
d.      Pusdai, Mujahidiin, atawa Istiikoomah
e.       Pusda’I Mujahidin, atawa Istiqommah
28.  “ Pa, punten abdi badé ….. ti payun, dupi bapa badé iraha ….
a.       Mulih, wangsul
b.      Mulih, balik
c.       Mulih, datang
d.      Permios, wangsul
e.       Wangsul, mulih
29.  “Bapa nuju …. Sareng pais lauk, abdi nuju ….. sareng semur jéngkol, pun adi nuju ….. sareng endog.
a.       Tuang, neda, emam
b.      Neda, tuang, dahar
c.       Dahar, nyatu, kulem
d.      Kulem, mondok, bobo
e.       Mulih, wangsul, uwih
30.  Ibu badé …. ka Bandung ayeuna? Abdi mah badé …. Énjing wé sareng pun adi.
a.       Indit, miang
b.      Angkat, mios
c.       Angkat, mulang
d.      Balik, mulang

e.       Pupus, ngantunkeun

Tidak ada komentar:

Posting Komentar