Rabu, 01 Oktober 2014

UAS GANJIL 2013

A.      Pilihan Ganda


1.    Jumlah sora Vokal atawa vokalisasi dina aksara Sunda aya ….
a.    11                    d. 14
b.    12                    e. 15
c.    13

2.    Aksara Sunda ( konsonan ) hasil rékaan anyar/modifikasi nu diajarkeun di SMK Pasim Plus Sukabumi nya éta ….
a.    Sya, kha, cha, dha     
b.    Nya, nga, sya,            

c.    sya, nga, dha, nya
d.    Sya, nga, cha,            
e.    dha, cha, kha, nya

3.    578904, upama ditulis ngagunakeun angka dina aksara Sunda ….
a.       ?᮵᮸᮷᮹᮴᮰?                  
b.      ?᮵᮷᮹᮸᮰᮴?
c.       ?᮵᮷᮴᮰᮹᮸?                  
d.      ?᮵᮷᮸᮹᮰᮴?
e.      ?᮵᮷᮹᮱᮸?

4.    Aksara Sunda nu ngalambangkeun “Nga” jeung  “Nya”, nya éta …
a.       ᮮ-ᮑ                               d. ᮮ- ᮯ
b.      ᮯ- ᮍ           e. ᮍ- ᮑ
c.       ᮍ- ᮘ
5.    SUKABUMI TINGGAL RESMI, ditulis maké aksara Sunda anu bener nya éta …
a.      ᮞᮥᮊᮃᮘᮥᮙᮤ ᮒᮤ ᮀᮌᮜ᮪ ᮛᮨᮞ᮪ᮙᮤ
b.      ᮞᮥᮊᮕᮥᮛ ᮍᮓᮅᮔ᮪ ᮍᮧᮛ
c.       ᮞᮥᮊᮘᮥᮙᮤ ᮒᮤ ᮀᮌᮜ᮪ ᮛᮞᮙᮤ
d.      ᮞᮥᮊᮤᮘᮥᮦᮙ ᮒᮤ ᮀᮌᮜ᮪ ᮛᮩᮞ᮪ᮙᮤ
e.      ᮞᮥᮊᮘᮥᮙᮤ ᮒᮤ ᮀᮌᮜ᮪ ᮛᮨᮞ᮪ᮙᮤ



6.    ᮞᮥᮊᮕᮥᮛ  ᮍᮓᮅᮔ᮪  ᮍᮧᮛ
a.    Sukabumi tinggal resmi
b.    Sukabumi ngadaun ngora
c.    Sukapura ngadaun ngora
d.    Suka Pura ngadaun ngora
e.    Suka pada daun muda

7.    ᮏᮥᮙ᮪ᮜᮂ  ᮛᮥᮥᮊᮥᮔ᮪ ᮄᮞ᮪ᮜᮙ᮪ ᮃᮚ>
a.      ?᮵?           
b.      ?᮷?
c.       ?᮴?            
d.      ?᮸?
e.       ?᮶?

8.    Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut ….
a.      ᮦᮛᮒᮧᮛᮤᮞ᮪ᮙᮩ             d. ᮦᮛᮒᮧᮛᮤᮊ
b.      ᮕᮥᮁᮝᮊᮔ᮪ᮒᮤ                e. ᮌᮚ ᮘᮞ
c.       ᮙᮙᮔᮤᮞ᮪ ᮘᮞ

9.    ᮓᮤᮔ ᮏᮨᮔᮤᮞ᮪ ᮘᮤᮃᮔ᮪ᮒᮛ  ᮃᮚ  ᮔᮥ ᮓᮤᮞᮨᮘᮥᮒ᮪ ᮦᮙᮙᮧᮛᮤᮦᮒᮁ- ᮙᮊ᮪ᮞᮥᮓ᮪ᮔ>
a.    biantara ngagunakeun naskah
b.    biantara ngagunakeun poko-poko bahasan
c.    biantara ku cara ditalar
d.    biantara anu ngadadak/teu persiapan
e.    biantara dina pasanggiri








10. ᮞᮨᮓᮨ ᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮘᮤᮃᮔ᮪ᮒᮛ ᮃᮔᮥ ᮍᮌᮥᮔᮊᮩᮔ᮪ ᮦᮒᮊ᮪ᮔᮤᮊ᮪ ᮙᮔᮥᮞ᮪ᮊᮢᮤᮕ᮪-ᮑᮆᮒ///
a.    biantara ngagunakeun naskah
b.    biantara ku cara ditalar
c.    biantara ngagunakeun poko-poko bahasan
d.    biantara anu teu persiapan/ngadadak
e.    biantara pasanggiri

11. Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal
a.      ᮘᮞ
b.      ᮜᮨᮔ᮪ᮒᮧᮀ
c.       ᮊᮙᮙ᮪ᮕᮥᮂ ᮍᮝᮞ ᮉᮞᮤ
d.      ᮊᮙᮙ᮪ᮕᮥᮂ ᮙᮍᮛᮥᮠᮔ᮪ ᮘᮒᮥᮁ
e.      ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮃᮝᮊ᮪ ᮏᮩ ᮀ ᮓᮀᮓᮔᮔ᮪

12. Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti ….
a.      ᮞᮤᮊᮨᮕ᮪ ᮃᮝᮊ᮪
b.      ᮆᮊ᮪ᮞ᮪ᮦᮕᮢᮞᮤ ᮃᮝᮊ᮪
c.       ᮆᮊ᮪ᮞ᮪ᮦᮕᮢᮞ ᮘᮩᮍᮩᮒ᮪
d.      ᮕᮕᮦᮊᮃᮔ᮪ ᮔᮥ ᮓᮤᮌᮥᮔᮊᮩᮔ᮪
e.       ᮘᮨᮓᮞ᮪ ᮏᮩ ᮀ ᮔᮥᮚᮥᮔ᮪

13.  “ sakitu anu …. , bilih aya basa anu kirang …., pondok nyogok panjang …., langkung saur bahé …., bobo sapanon carang …..”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah dina bagian biantara di luhur nya éta ….
a.    kapihatur, merenah, nyugak, carék, ayakan
b.    kapihatur, merenah, nyugak, carék, sapakan
c.    merenah, kapihatur, nyugak, ayakan, carék
d.    merenah, kapihatur, nyugak, sapakan, carék
e.    nyugak, sapakan, carék, merenah, kapihatur

14. “tutus langkung képang …., kirang dingding ….., mugia ageung cukup …., jembar hampura anu ….”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
a.    halang, kelir, lumur, diteda
b.    halang, kelir, wadah, disuhunkeun
c.    disuhunkeun, wadah, kelir, halang
d.    dipénta, kelir, lumur, jarang
e.    wadahan, témbok, rawatan, dipiceun

15. “Ngadegna sim kuring di ieu tempat Insya Alloh seja medar perkawis Bahaya Narkoba kanggo Kaom Rumaja
Ungkara/kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
a.    bubuka biantara
b.    salam panghormat kanu haladir
c.    nepikeun eusi biantara
d.    nepikeun kacindekan biantara
e.    panutup biantara



16. Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancé/tugas sok disebut ….
a.    biantara bubuka
b.    biantara panutup
c.    biantara sambutan
d.    biantara pertanggungjawaban
e.    biantara mangaruhan batur

17. Bapa kepala sakola nuju ngadugikeun biantara sambutan dina rapat kenaikan kelas. Kecap sambutan sarua hartina jeung ….
a.    Pamapag       
b.    pancén
c.    orasi ilmiah     
d.    kampanyeu    
e.    pasanggiri

18. Milih jejer dina carita pangalaman téh sarua jeung nangtukeun picaritaeun. Kajadian naon nu ku urang rék dicaritakeun téh? Iraha …. Jeung di mana ….?, kumaha …..waktu ngalaman éta kajadian? Pikaresepeun, pikasieuneun, pikasediheun, atawa pikakeuheuleun.

Kecap naon waé nu pantes keur ngalengkepan wacana di luhur?....
a.    waktosna, kajadianana, perasaan
b.    waktuna, tempatna, rarasaan
c.    mangsana, kajadianna, paraosan
d.    waktuna, kajadianana, rarasaan
e.    wancina, latarna, rasa

19. Sanggeus nangtukeun jejerna, kakara nyusun kajadian anu ku urang rék dicaritakeun. Disusun sing mérélé ti awal nepi ka ahir.
Kecap mérélé sarua hartina jeung ….
a.    otomatis         
b.    optimis
c.    sistematis       
d.    kronologis       
e.    kronis

20. Sanggeus nangtukeun jejer, kakara susun kajadian anu ku urang rék dicaritakeun. Disusun sing ….. ti awal nepi ka ahir. Alusna mah dijieun daptar unggal …. kajadian cukup gurat badagna baé. Péréléan gurat badag kajadian téh bisa disebut …. Kajadian

Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan wacana di luhur nya éta ….
a.    mérélé, runtuyan, rangkay
b.    rangkay, mérélé, runtuyan
c.    runtuyan, rangkay, mérélé
d.    ramé, jejer,  sistematis
e.    sistematis, jejer, ramé

21. Tepikeun carita pangalaman urang dumasar kana rangkai karangan anu geus dijieun, kucara kitu, paling henteu urang boga bahan picaritaeun anu ngaguluyur.
Kecap ngaguluyur sarua hartina jeung ….
a.    teu lancar        c. baseuh
b.    genceng          d. sampurna    e. lancer



22.  Tepikeun carita pangalaman urang dumasar kana rangkay karangan anu geus dijieun. Ku cara kitu, …. Urang boga bahan picaritaeun anu ……  Ku lantaran kitu rangkay karangan mah ngan nyatetkeun gurat badagna kajadian ku urang kudu ….(dikembangkan) deui diwuwuh ku katerangan-katerangan anu dianggap perlu.

Kecap-kecap nu pantes keur ngalengkepan wacana di luhur nya éta ….
a.    sahenteuna, ngaguluyur,  dipekarkeun
b.    saenyana, ngaguyulur, dimekarkeun
c.    sistematis, ngaguluyur, dipekarkeun
d.    otomatis, ngaguyulur, dimekarkeun
e.    kronologis, ngaguluyur, dipekarkeun

23. “ Wilujeng … pa, hapunten abdi …. Kasiangan margi di jalan macét.”
a.    sumping-datang          d. sumping-lungguh
b.    dongkap –sumping     e. sumping-dongkap
c.    dongkap-datang

24.  Pa Devi    = “ Junéd, kunaon kamari teu
    sakola?”
Junéd       = “ duh, punten pan kamari té abdi ….
     teras dipariksa ka dokter
a.    Gering             c. sakit
b.    raraos              d. teu raraos    e. teu damang

25. Bu Novi = “ Nonih, kunaon diajar téh kalah
ngadon saré?”
Nonih           = “ teu kiat bu ….. jangar , wengi
    ngaréngsékeun PR dugi ka tabuh
    dua belas”
Bu Novi = “ ngerjakeun PR atawa Pésbukan?”
Nonih           = “ sakantenan wé bu, ngaréngsékeun PR sareng onlén”
a.    nyeri mastaka             d. rieut sirah
b.    nyeri hulu                    e. rieut mastaka  
c.    nyeri babatok





























26. Basa lemes/hormatna létah keur ka batur nya éta ….
a.    lidah                 c. ilat
b.    jilat                   d. angkeut     e. rumbah
27. Nyebutkeun gado keur ka batur/hormat ka saluhureun nya éta ….
a.    angkeut           c. angeut
b.    ilat                    d. rumbah        e. rombéh

28. “ Ibu Reni teu tiasaeun ngalieuk kumargi …. nembé dioperasi. Abdi mah nyeri beuheung téh upami lepat posisi bantal waktos mondok”.
Basa lemesna tina beuheung nya éta …
a.    Leherna           c. angkeutna
b.    Pungkurna      d. pinareupna e. tenggekna

29. “Pa, punten abdi nyuhunkeun …. Badé kapengker”
a.    diwi   b. idin  c. ijin   d.permisi   e. widi

30. “Punten pa abdi badé ... ti payun, dupi bapa badé mulih iraha?”
a.    indit                             d. mulang
b.    pamit                          e. wangsul
c.    balik

B. Essay
31. ᮞᮠ  ᮔᮙᮤ  ᮊᮨᮕᮜ  ᮞᮊᮧᮜ  ᮞ᮪ᮙ᮪ᮊ᮪  ᮕᮞᮤᮙ᮪> (serat nganggo aksara Sunda!)
32. ᮞᮠ ᮍᮛᮔ᮪ ᮌᮥᮛᮥ ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ ᮠᮤᮓᮨᮕ᮪>
33. Saha jenengan wakil kepala sakola urusan kurikulum SMK Pasim Plus Kota Sukabumi? serat ngagunakeun aksara Sunda!
34.  /25603/Tulis dina wangun angka aksara Sunda!
35. Tuliskeun wanda-wanda biantara dumasar kana tatahar/persiapanna!


Tidak ada komentar:

Posting Komentar