Kamis, 03 Desember 2015

LATIHAN SOAL UAS GANJIL 2015-2016 ( gambar )

KISI-KISI UAS GANJIL 2015-2016

KISI-KISI UAS GANJIL 2015
1.      Harti tina babasan jeung paribasa ( Caina herang laukna beunang, bengkung ngariung bongkok ngaronjok, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, buburuh nyatu diupah béas, cileungcang mandé sagara, cécéndék mandé kiara
2.      Kalimah panyeluk, kalimah paréntah, panggentra, panggeuri, kalimah panyaram, kalimah pangajak, kalimah pangwawadi, kalimah pangjurung
3.      Biantara ( wangenan, tujuan bantara, tatahar biantara, wanda/jenis biantara, struktur biantara/rangkay/susunan, téhnik biantara)
4.      Dongéng ( ciri-ciri jeung sipat dongeng=pamohalan, tradisional jste, rupa-rupa dongéng, unsur-unsur dongeng, jste)
5.      Istilah Pakakas/alat-alat tatanén/pertanian ( arit, étem, gacok, aseuk, gaét, dékol, jojodog, boboko, nyiru, dulang, aseupan, jodang, jolang, jublek, jubung, jste.)

6.      Aksara Sunda (Angka, vokal mandiri, sora vokal/vokalisasi/aksara sora, jeung konsonan= maca jeung nulis aksara Sunda soalna kurang leuwih aya 15)
"Upama aya materi nu teu acan kadugikeun di kelas tiasa sharing sareng kelas sanes atanapi milari tina internet! "

Jumat, 22 Mei 2015

LATIHAN SOAL UKK/UAS GENAP 2015

LATIHAN SOAL UKK/UAS GENAP 2015


1.      Di Sukabumi aya dongéng nu kasohor sanusantara, nya éta dongéng Nyi Roro Kidul. Dongéng Nyi Roro Kidul kaasup kana dongéng…
2.      Sedengkeun dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal ayana ngaran jeung tempat Sukabumi nya éta dongéng…
3.      Dongéng téh kaasup kana carita balaréa, sarta sumebarna ….

Sempalan dongéng Sasakala Paré
Raja Pajajaran henteu kinten bingaheunana nampi kintunan ahéng ti kahiangan téh. Tuluy paré téh dibagikeun ka rahayatna. Kabayan Déwa ngawurukan kumaha prak-prakanana melak pare di sawah jeung di huma, prak-prakanana dibuat, jeung prak-prakanana nutu. Geus kitu burudul para widadari turun ti kahiangan ka dunya rék ngawurukan barudak awéwé kumaha prak-prakanana nyangu jeung popolah sangkan ngeunah. Ti harita rahayat Pajajaran tara pisan kakurangan pangan. Mangpirang-pirang taun hirup taya kakurangan…

4.      Rahayat Pajajaran palinter melak paré, lantaran diwurukan ku ….
5.      Budak awéwéna palinter nutu jeung nyangu lantaran diwurukan ku ….
6.      Kecap kabayan dina sempalan dongeng di luhur mibaga pasipatan ….
7.      “Raja Pajajaran teu kinten bingaheunana nampi kintunan ahéng ti kahiangan téh.”
Kecap nu dicondongkeun ngabogaan harti ….
8.       “Gara-gara ditebak angin jeung kacaahan ahirna paré téh arayeuh
Kecap anu dicitak kandel sarua hartina jeung kecap ….
9.      Runtuyan kajadian nu dialaman ku tokoh dina dongeng disebut ogé …
10.    Anu teu kaasup bédana dongéng jeung carita pondok téh nya éta …
11.    Carpon téh mangrupa bagian tina carita prosa ….
12.    Buku kumpulan carpon nu pangheulana medal judulna ….    
13.    Gelarna carpon téh mimiti awal abad ….
14.     (Conto Carpon nu aya dina Blog Pangajaran Basa Sunda SMK Pasim Plus)
UNSUR-UNSUR INTRINSIK
Judul, pangarang, tokoh, galur, puseur sawangan, Eusi jeung amanat

15.     “Ari diajar téh ulah sabari capék rahém atuh!”
Kecap anu dicondongkeun ngandung harti ….
16.    Sajak atawa puisi heubeul nya eta sajak anu kauger ku …. dina nyiptakeunana.
Kecap nu pantes keur ngalengkepan kalimah diluhur nya eta …
17.    Salahsahiji sajak atawa puisi heubeul nya éta mantra. Mantra anu gunana pikeun nyageurkeun tina sagala panyakit nya éta ….
18.    Sajak atawa puisi heubeul nu diciptakeun pikeun ngabekelan jeung mapatahan orok, murangkalih, pangantén, jeung mayit di jero kubur disebut ….
19.    Sedengkeun sajak atawa puisi heubeul nu dina nyiptakeunana teu leuwih ti opat padalisan dina sapada. Dua padalisan mahrupa cangkang jeung dua padalisan mangrupa eusi, disebut …..
20.    Sajak bebas mangrupa pangaruh tina sastra barat. Sumebar di tatar Sunda dina taun ….
21.    Salian ti Wahyu Wibisana, aya dua urang dua urang sastrawan nu pangheulana nulis sajak bébas, nya éta …
22.    Dina nyieun idéntitas pangarang biasana aya nu sok make sandi asma ( ngaran samara), saperti Kis WS. Ngaran panjang atawa ngaran lengkep tina Kis WS nya éta ….
23.    Majalah Sipatahunan mimiti ngamuat sajak bebas dina taun ….

SANG WAKTU
Tuk tek sora jam
Saperti baju nu ngarajam
Detik nu arindit ngaleuleungit henteu pamit
Sajorélat-sajorélat menit-menit ngalaliwat
Tanpa béja henteu ninggalkeun amanat
Anu nyésa tapak-lacak nu can tuntas
Pancén gawé nu teu réngsé
Jeung hanca anu katunda
Tamatna iraha boa
Angka-angka tingbelesat
Jamparing nimbus walikat
Nu teu sadar kana waktu
Hirup bakal tambuh laku
                                         Rimbantara, 2009 Masehi
24.    Saha ngaran pangarang nu nyiptakeun éta sajak?
25.    Pesen atawa amanat nu pantes tina éta sajak nya éta ….
26.    Kalimah “sajorélat-sajorélat menit-menit ngalaliwat”, kaasup kana purwakanti ….
27.    Gaya basa mijalma nu aya dina éta sajak nya éta …
28.    Surat nu ditulis ku hiji pausahaan, instansi, atawa kantor nu ditujukeun ka pausahaan, instansi, jeung kantor lian disebut….
29.    1. titi mangsa
2. bubuka
3. salam pamuka
4. tujul surat
5. salam panutup
6. panutup
7. eusi
8. anu ngirim surat
Runtuyan struktur atawa bagian surat anu bener nya éta ….
30.    Bagéa, haturan, salam sono, sampurasun, assalamu’alaikum, sareng hormat.
Kecap-kecap di luhur maphum digunakeun dina surat bagian ….
31.    Surat diasupkeun kana amplop. Pikeun nuliskeun alamat nu ngirim urang kudu nulis di ….

Wacana Siaran Radio
“ Dikersakeun deui dina wengi ieu simkuring Kang Komar tiasa patepang pamiarsa ngalangkungan Radio Sirung Hawur Smanda FM anu dijomantarakeun di Karamat Sukabumi.
32.    Kecap patepang dina éta wacana téh kurang merenah, sakuduna …..
33.    Kecap pamiarsa dina éta sempalan siaran radio di luhur sarua hartina jeung ….
34.     “ Cép Juned, iraha atuh rék nyimpang ka imah Uwa di Salabintana?”
Kecap nyimpang dina kalimah di luhur bias diganti basa sunda nu saharti, nya éta ….
35.     “Abdi mah dongkap téh teu … nanaon pa, dupi bapa éta … naon meni angkaribung kitu?”
Kecap nu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta …
36.    Junéd bébéja ka Pa Guru yén manéhna rék balik.
“ Permios pa, abdi bade ….ti payun, upami bapa iraha bade ….”
37.    Pa Dérus : “ Junéd, kunaon kamari teu sakola?”
Junéd      : “ aduh punten pa, abdi kamari …
                        teras diparios ka dokter”
      Pa Dérus  : “ Ayeuna kumaha geus cageur?”
      Junéd       : “Alhamdulillah sakinten pa”
38.    A = “ Dupi sadérék téh kawit ti mana?”
        B = “ Abdi mah pituin ti Bandung”
        A = “ Ayeuna alamat di Sukabumina di mana?”
        B = “Ayeuna abdi ….. di Baros”





Rabu, 11 Februari 2015

SOAL-SOAL BASA SUNDA KELAS X

1. “Para pamiarsa kaom dangu anu mulya “.

Wilujeng tepang deui diana acara, tembang pasundan, anu dipadangkeun ku radio Swara Sunda, kalayan gelombang 105,3 FM di Bandung, sarta biasa midang ti tabuh 10.00 enjing-enjing dugi ka tabuh 11.00.
Wacana diluhur teh mangrupa…
a. Salam pambuka dina siaran c. Acara dina siaran e. Salam panutup dina siaran
b. Bubuka dina siaran d. Panutup siaran
2. “Tembang Pasundan” kecap pasundan asalna tina…
A. Pasundan c. Sundaan e. Sunda-an
B. Sunda d. Pa-sunda-an
3. Dina “Tembang Pasundan” nu diputerkeun teh lagu-lagu…
a. Daerah c. Jawa e. Nasional
b. Sunda d. Kadaerahan
4. “ieu acara teh di asuh ku teh Lilis sareng kang Dadang. Salaku maha biasana, ieu acara teh mangrupa pidangan lagu-lagu POP sunda kiwari. Mangga ka…….
Kang Dadang jeung Teh Lilis disebut…
a. Wartawan c. Penyiar e. Penyair
b. Reporter d. Penyanyi
5. ‘ieu acara teh mangrupa pidangan lagu-lagu POP sunda”.
Lagu-lagu dina kalimah diluhur kaasup kecap rajekan, anu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa nyaeta…
a. Dwi murni c. Dwi sasana e. Trilingga
b. Dwi reka d. Dwi purwa
6. Nurutkeun conto dihandap aya sababaraha kecap rejekan, anu kaasup kana kecap rajekan dwipurwa nya eta…
a. Dar-der-dor c. Bobogohan, babarengan e. Punta-penta
b. Cukat-cokot d. Lugas-leungis
7. Ari cengeng mah leutik-leutik oge lada.
Leutik-leutik kaasup kecap rajekan dwimurni nu hartina…
a. Sanajan leutik c. masih leutik e. mani lada
b. Laleutik d. leutik keneh
8. Sakur kecap anu teu acan disopea unsur pangwanguna, disebut…
a. Kecap memet c. Kecap rajekan e. Kontetan
b. Kecap asal d. Kecap rundayan
9. Karangan anu eusina nyaritakeun pangalaman, bisa digolongkeun kana jenis karangan…
a. Deskripsi c. Narasi e. Dongeng
b. Argumentasi d. Eksposisi
10. Carita babad kaasup kana karya sastra wangun…
a. Ugeran c. carita drama e. Farabel
b. Puisi d. Lancaran
11. Carita anu pamohalan, fiktif tur sumberna ku jalan tatalepa disebut…
a. Novel c. Biografi e. Dongeng
b. Carpon d. Otobiografi
12. Dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan jeung tutuusuhan disebut dongeng…
a. Sasakala c. Fabel e. Legenda
b. Mitos d. Farabel
13. Dua kecap atawa leuwih dihijikeun sarta meiboga harti anu mandiri disebut…
a. Kecap wancahan c. Kecap rajekan e. Kecap rundayan
b. Kecap kantetan d. Kecap asal
14. Dua kecap anu teu bisa dipisahkeun atawa diselapan kecap-kecap sejen disebut…
a. Aneksi c. rakitan anggang e. Satata
b. Compositum d. Babasan
15. Dihandap ieu kaasup kana conto kecap kantetan rakitan dalit, iwal…
a. Rajapati c. Sangu poe e. Panonpoe
b. Gondawesi d. Kacapiring
16. Kecap kantetan anu teu kaasup kana kecap kantetan rakitan anggang (aneksi) nya eta…
a. Sangu poe c. Rajapati e. Bodo alewoh
b. Dahar isuk d. Wajit Cililin
17. Jang Ahmad mah budak ngora keneh tacan oge opat puluh taun buukna geus silalatuan. Silalatuan kecap asalna silalatu anu hartina sarua jeung…
a. Huis c. Kutu e. Sirah
b. Rambut d. Lisa
18. Wangunan anu aya disisi leuweung paragi ngintip sato boroan, bisa oge dipake paniisan, disebut…
a. Pawon c. Karapyak e. Gedogan
b. Karangkeng d. Palalangon
19. Perak : 10 sen, ringgit : 250 sen, satengah : 50 sen.
Jaman baheula mah kuring meuli kurupuk teh kur saringgit hijina teh..… na ari ayeuna robah hargana jadi 200 perak. Saringgit diluhur sarua hartina jeung...
a. 2 perak satengah c. 25 sen e. satelen
b. 250 perak d. 5 sen
20. Si budi keur lalajo ronggeng monyet di alun-alun, teu kanyahoan keur langah, na ari gep teh digegel sukuna ku anak monyet nepi ka geutihan. Anak monyet teh disebutna
a. Pedet c. Menel e. Begog
b. Eneng d. Nanahaon
21. Saprak aya sunami, para pamayang loba nu jadi kuli bangunan ka kota pajar teh sieun aya sunami deui. Kecap pamayang hartina…
a. Juru laden c. Tukang tembok e. tukang kuli di pasar
b. Tukang kuli bangunan d. Tukang ngala laut dilaut
22. Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan nu ditulis ku batur, disebut…
a. Dongeng c. Biografi e. Riwayat hirup
b. Oto Biografi d. Biologi
23. Riwaya thirup anu ditulis ku dirina sorangan tur nyaritakeun kahirupan pribadina, disebut…
a. Sasakala c. Babad e. Biografi
b. Biografi d. Oto Biografi
24. Jejer atawa poko nu dijieun dangding disebut…
a. Guguritan c. Dangding e. Guru wilangan
b. Pupuh d. Guru lagu
25. Sora panungtung diunggal padalisan nu aya dina pupuh, disebut…
a. Pupuh c. Guru lagu e. Gending
b. Dangding d. Guru wilangan
26. Jumlah engang / suku kata dina unggal padalisan disebut…
a. Guru lagu c. Guru wilangan e. Rumpaka lagu
b. Dangding d. Guguritan
27. Pupuh nu lagolong kana pupuh sekar agung, nya eta…
a. Sinom, Dangdanggula, Maskumambang
b. Mijil, Pangkur, Pucung, Wirangrong, Dangdanggula
c. Maskumambang, Sinom, Magatru, Gurisa
d. Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma
e. Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
28. Di handap ieu mangrupa pupuh anu kaasup kana pupuh sekar alit, nya eta…
a. Kinanti c. Asmarandana e. Dangdanggula
b. Sinom d. Balakbak
29. Perhatikeun pupuh ieu di handap!
Mun jeung baturna papanggih
Eraeun lamun keur kumpul
Da puguh batur mah rajin
Sabab daria diajar
Pupuh diluhur dina pada lisan kahiji, guru wilangan jeung guru laguna, nya eta…
a. 7 i c. 8 a e. 8 u
b. 8 i d. 8 e
30. Ngomong henteu togmol tapi kujalan tapi kujalan dibalibirkeun disebut…
a. dongeng c. sisindiran e. babasan
b. babasan d. sindir
31. Hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi sastra distukangeun eusi mangrupa tatrucingan (tetbakan) nya eta…
a. Wawangsalan c. Rarkitan e. Rarahulan
b. Paparikan d. Kakawihan
32. Wawangsalan nu teu ka uger ku patokan pupuh nya eta…
a. Bangbalikan lanjaran c. paparikan e. rarakitan
b. Bangbalikan dangding d. guguritan
33. Perhatoskeun wawangsalan dihandap ieu !
1. Teu puguh monyet hideungna
Teu puguh tungtungna
2. Tepi ka leor hejona
Tepi ka antukna
3. Teu beunang ditiru leuweung
Teu beunang dipikasono
4. Teu beunang di mirang sawah
Teu beunang dipika meumeut
Wawangsalan nu kahiji eusina nya eta…
a. Katuk c. Kejo e. Lutung
b. Kaso d. Simeut
34. Wawangsalan nu kahiji jeung katilu nya eta…
a. Lutung jeung simeut c. Katuk jeung simeut e. Katuk jeung kaso
b. Lutung jeung kaso d. Katuk jeung kejo
35. Titenan bagean surat dihandap.
“Sareng Hormat”
Eta bagean teh mangrupakeun…
a. Titimangsa c. Nomer surat e. Kop surat
b. Salam bubuka d. Ngaran alamat
36. Surat teh mangrupakeun alat…
a. Akomodasi c. Komunikasi e. Alat pameungkeut
b. Birokrasi d. Transportasi
37. Perkara nu teu nyampak dina surat pribadi nya eta…
a. Alamat nu dituju c. salam bubuka e. nomor surat
b. Titimangsa d. ngaran nu ngirim surat
38. Rarangken anu ditulis diluhureun lambang aksara dasar, nya eta…
a. Panghulu, pamemet, paneuleung, panglayar, panyekek
b. Panyulu, panyakra, panyilu
c. Paneleng, panolong, paneuleung
d. Panyuku, panglayar, pameleng, panolong
e. Panghulu, paneleng, panolong, paneuleung
39. Aksara sunda ngalagena “ ka, ca, na “ nya eta...
a. ……. c. ……….. e. ……….
b. ……. d. ……….
40. Aksara vokal sunda “ a, i, u “ nya eta….
a. ……. c. ……….. e. ……….
b. ……. d. 
I. Jawab kujawaban anu singket tur jelas, kalawan bener !
1. Tarjemahkeun pribahasa dihandap ieu tina basa sunda kana basa Indonesia !
a. Kawas cai dina daun taleus.
b. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok.
2. Jelaskeun kecap kontetan !
a. Rakit dalit (compositum)
b. Rakit anggang (aneksi)
Masing-masing jeung contona.
3. Tulis aksara sunda.
Aksara suara / aksara hirup nu disebut hurup vokal sunda !
4. Naon bedana nyaritakeun pangalaman jeung nyaritakeun dongeng, cek pamahaman hidep !
5. Tulis minimal 10 aksara sunda ngalagena cacakan sunda asli !