Jumat, 22 Mei 2015

LATIHAN SOAL UKK/UAS GENAP 2015

LATIHAN SOAL UKK/UAS GENAP 2015


1.      Di Sukabumi aya dongéng nu kasohor sanusantara, nya éta dongéng Nyi Roro Kidul. Dongéng Nyi Roro Kidul kaasup kana dongéng…
2.      Sedengkeun dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal ayana ngaran jeung tempat Sukabumi nya éta dongéng…
3.      Dongéng téh kaasup kana carita balaréa, sarta sumebarna ….

Sempalan dongéng Sasakala Paré
Raja Pajajaran henteu kinten bingaheunana nampi kintunan ahéng ti kahiangan téh. Tuluy paré téh dibagikeun ka rahayatna. Kabayan Déwa ngawurukan kumaha prak-prakanana melak pare di sawah jeung di huma, prak-prakanana dibuat, jeung prak-prakanana nutu. Geus kitu burudul para widadari turun ti kahiangan ka dunya rék ngawurukan barudak awéwé kumaha prak-prakanana nyangu jeung popolah sangkan ngeunah. Ti harita rahayat Pajajaran tara pisan kakurangan pangan. Mangpirang-pirang taun hirup taya kakurangan…

4.      Rahayat Pajajaran palinter melak paré, lantaran diwurukan ku ….
5.      Budak awéwéna palinter nutu jeung nyangu lantaran diwurukan ku ….
6.      Kecap kabayan dina sempalan dongeng di luhur mibaga pasipatan ….
7.      “Raja Pajajaran teu kinten bingaheunana nampi kintunan ahéng ti kahiangan téh.”
Kecap nu dicondongkeun ngabogaan harti ….
8.       “Gara-gara ditebak angin jeung kacaahan ahirna paré téh arayeuh
Kecap anu dicitak kandel sarua hartina jeung kecap ….
9.      Runtuyan kajadian nu dialaman ku tokoh dina dongeng disebut ogé …
10.    Anu teu kaasup bédana dongéng jeung carita pondok téh nya éta …
11.    Carpon téh mangrupa bagian tina carita prosa ….
12.    Buku kumpulan carpon nu pangheulana medal judulna ….    
13.    Gelarna carpon téh mimiti awal abad ….
14.     (Conto Carpon nu aya dina Blog Pangajaran Basa Sunda SMK Pasim Plus)
UNSUR-UNSUR INTRINSIK
Judul, pangarang, tokoh, galur, puseur sawangan, Eusi jeung amanat

15.     “Ari diajar téh ulah sabari capék rahém atuh!”
Kecap anu dicondongkeun ngandung harti ….
16.    Sajak atawa puisi heubeul nya eta sajak anu kauger ku …. dina nyiptakeunana.
Kecap nu pantes keur ngalengkepan kalimah diluhur nya eta …
17.    Salahsahiji sajak atawa puisi heubeul nya éta mantra. Mantra anu gunana pikeun nyageurkeun tina sagala panyakit nya éta ….
18.    Sajak atawa puisi heubeul nu diciptakeun pikeun ngabekelan jeung mapatahan orok, murangkalih, pangantén, jeung mayit di jero kubur disebut ….
19.    Sedengkeun sajak atawa puisi heubeul nu dina nyiptakeunana teu leuwih ti opat padalisan dina sapada. Dua padalisan mahrupa cangkang jeung dua padalisan mangrupa eusi, disebut …..
20.    Sajak bebas mangrupa pangaruh tina sastra barat. Sumebar di tatar Sunda dina taun ….
21.    Salian ti Wahyu Wibisana, aya dua urang dua urang sastrawan nu pangheulana nulis sajak bébas, nya éta …
22.    Dina nyieun idéntitas pangarang biasana aya nu sok make sandi asma ( ngaran samara), saperti Kis WS. Ngaran panjang atawa ngaran lengkep tina Kis WS nya éta ….
23.    Majalah Sipatahunan mimiti ngamuat sajak bebas dina taun ….

SANG WAKTU
Tuk tek sora jam
Saperti baju nu ngarajam
Detik nu arindit ngaleuleungit henteu pamit
Sajorélat-sajorélat menit-menit ngalaliwat
Tanpa béja henteu ninggalkeun amanat
Anu nyésa tapak-lacak nu can tuntas
Pancén gawé nu teu réngsé
Jeung hanca anu katunda
Tamatna iraha boa
Angka-angka tingbelesat
Jamparing nimbus walikat
Nu teu sadar kana waktu
Hirup bakal tambuh laku
                                         Rimbantara, 2009 Masehi
24.    Saha ngaran pangarang nu nyiptakeun éta sajak?
25.    Pesen atawa amanat nu pantes tina éta sajak nya éta ….
26.    Kalimah “sajorélat-sajorélat menit-menit ngalaliwat”, kaasup kana purwakanti ….
27.    Gaya basa mijalma nu aya dina éta sajak nya éta …
28.    Surat nu ditulis ku hiji pausahaan, instansi, atawa kantor nu ditujukeun ka pausahaan, instansi, jeung kantor lian disebut….
29.    1. titi mangsa
2. bubuka
3. salam pamuka
4. tujul surat
5. salam panutup
6. panutup
7. eusi
8. anu ngirim surat
Runtuyan struktur atawa bagian surat anu bener nya éta ….
30.    Bagéa, haturan, salam sono, sampurasun, assalamu’alaikum, sareng hormat.
Kecap-kecap di luhur maphum digunakeun dina surat bagian ….
31.    Surat diasupkeun kana amplop. Pikeun nuliskeun alamat nu ngirim urang kudu nulis di ….

Wacana Siaran Radio
“ Dikersakeun deui dina wengi ieu simkuring Kang Komar tiasa patepang pamiarsa ngalangkungan Radio Sirung Hawur Smanda FM anu dijomantarakeun di Karamat Sukabumi.
32.    Kecap patepang dina éta wacana téh kurang merenah, sakuduna …..
33.    Kecap pamiarsa dina éta sempalan siaran radio di luhur sarua hartina jeung ….
34.     “ Cép Juned, iraha atuh rék nyimpang ka imah Uwa di Salabintana?”
Kecap nyimpang dina kalimah di luhur bias diganti basa sunda nu saharti, nya éta ….
35.     “Abdi mah dongkap téh teu … nanaon pa, dupi bapa éta … naon meni angkaribung kitu?”
Kecap nu cocog keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta …
36.    Junéd bébéja ka Pa Guru yén manéhna rék balik.
“ Permios pa, abdi bade ….ti payun, upami bapa iraha bade ….”
37.    Pa Dérus : “ Junéd, kunaon kamari teu sakola?”
Junéd      : “ aduh punten pa, abdi kamari …
                        teras diparios ka dokter”
      Pa Dérus  : “ Ayeuna kumaha geus cageur?”
      Junéd       : “Alhamdulillah sakinten pa”
38.    A = “ Dupi sadérék téh kawit ti mana?”
        B = “ Abdi mah pituin ti Bandung”
        A = “ Ayeuna alamat di Sukabumina di mana?”
        B = “Ayeuna abdi ….. di Baros”