Rabu, 01 Oktober 2014

UAS Ganjil Basa Saunda

ULANGAN AKHIR SEMESTER GANJIL

Biantara Ajip Rosidi
(soal no 1-3)
....
Nya éta diantarana nu nyababkeun kuring leuwih aktif dina widang basa jeung sastra daerah lain baé ku lantaran katénjona ngeunaan basa jeung sastra nasional Indonésia mah réa ieuh anu mikiran jeung nyanghareupan. Tapi pangpangna mah sabab kaayaan basa jeung  sastra daerah kiwari –basa jeung sastra daerah mana waé geus pikahariwangeun pisan.
....
1.     Kunaon sababna Ajip Rosidi ngagarap basa jeung sastra daérah?
a.     pikahariwangeun
b.    pikaresepeun
c.     réa nu merhatikeun
d.    réa nu ngurus
e.     jawaban d jeung e bener
2.     Tina sempalan biantara di luhur, kumaha kaayaan basa jeung sastra nasiaonal?
a.     pikahariwangeun
b.    pikaresepeun
c.     réa nu merhatikeun
d.    réa nu ngurus

e.     jawaban d jeung e bener
3.     Sedengkeun kaayaan kahirupan basa jeung sastra daérah mah  Ajip Rosidi kiwari geus pikawatireun. Sabalikna tina kecap pikawatireun, nya éta ...
a.     pikaresepeun               d. pikasediheun
b.    pikabungaheun             e. pikasebeleun
c.     pikareugreugeun
4.     Métode nu saméméhna urang teu ngalakukeun persiapan/ngadadak nalika biantara, disebut ....
a.     ekstemporan                d. improptu
b.    manuskrip                    e. campuran
c.     memoriter
5.     Sedengkeun métode biantara nu saméméhna ngalakukeun persiapan tapi dina lumangsunga mah ditalar, istilahna disebut ...
a.     ektemporan                  d. improptu
b.    manuskrip                    e. campuran
c.     memoriter
6.     “ Mung sakitu anu..., bilih aya basa anu kirang..., pondok ....panjang nyugak, langkung saur bahé ..., bobo sapanon carang ..., tutus langkung ... halang, kirang dingding kelir, mugia ageung cukup ..., jembar hampura nu ...”
a.     diteda, képang, kapihatur, carék, merenah, nyogok, sapakan, lumur
b.    kapihatur, merenah, nyogok, carék, sapakan, képang, lumur, diteda
c.     kapihatur, nyogok, nyugak, sapakan, merenah, carek, diteda, kepang, lumur,
d.    diteda, merenah, nyogok, carék, sapakan, kapihatur, lumur, képang
e.     dituang, képang, kapihatur, carék, merenah, nyogok, sapakan, sumur




7.     “Siga enya wé gaya momotoran. Kawas motor boga sorangan baé, padahal motor boga anu emangna”.
Paribasa anu pantes keur ngagambarkeun ungkara di luhur nya éta ....
a.     Kauntun tipung katambang béas
b.    Adéan ku munding bulé
c.     Adéan ku kuda beureum
d.    Agul ku payung butut
e.     Agul ku gedong butut
8.     “Ti baheula budak éta mah ngan kitu wé kalakuan téh euweuh robahna.”
Paribasa nu pantes keur ngagambarkeun ungkara di luhur nya éta ....
a.     Adat kakurung ku iga
b.    Ambek nyedek tanaga midek
c.     Ciikaracak ninggang batu lila-lina jadi legok
d.    Gasik nampi gancang narima
e.     Mamatahan ngojay ka meri
9.      “Punten pa abdi badé ... ti payun, dupi bapa badé mulih iraha?”
a.     indit                             d. mulang
b.    pamit                           e. wangsul
c.     balik
10.  “Bu, éta dina ... aya hileud, tuh beuheung abdi ge sami baréntol ku hileud bulu.”
a.     tengek             d. tenggek
b.    téngék             e. léhér
c.     ténggék
11.  “ Birit abdi mah tépos, bénten sareng ... ibu meni bahenol nérkom”
a.     imbit                            d. bujur
b.    indit                             e. angkéng
c.     inggit
12.  Hal nu pangpentingna urang kudu nuliskeun, jeung nyaritakeun pangalaman di hareupeun kelas, nya éta ...
a.     supaya teu poho
b.    keur nyumponan pancén basa Sunda
c.     Sieun ku guru basa Sunda
d.    Pangalaman éndah hésé dipokeunna
e.     Babagi carita, jeung meunangkeun hikmah
13.  Ngaran tempat “Truyan” téh asal-muasaln tina ngaran tangkal ....
a.     taru menyan                 d. taruh menyan
b.    satru menyan               e. a, b, c, d, salah
c.     cerutu menyan
14.  Kumaha aturan masarakat adat Truyan dina mulasara mayit?
a.     digolerkeun handapeun tangkal taru menyan
b.    dikubur
c.     dipiceun ka walungan
d.    dipiceun ka laut
e.     diawetkeun
15.  Éta jalma ti tatadi ngan ... waé di dinya teu ingkah-ingkah.
a.     ngabedega                  d. pulang anting
b.    turun unggah                e. balawiri
c.     cilingcingcat





16.  Ngadegna gedung Monas téh ... Présidén Soekarno.
a.     gara-garana                  d. pagawéanana
b.    alpukahna                    e. pagawéan
c.     gawé
17.  Alusna mah program pamaréntah téh pada ..., ulah loba dicawad.
a.     nolak                           d. ngajejeléh
b.    ngajugjug                     e. ngadeudeul
c.     néang
18.  Dr. Mikihiro Moriayama nya éta urang Jepang nu nyieun disertasi ngeunaan kasundaan. Anjeuna kataji pikeun nalungtik karya-karyana tokoh sastrawan Sunda, nya éta ....
a.     Moehammad Moesa
b.    M.A Salmun
c.     R. Heing Maler
d.    Mang Koko
e.     Mang Ujo Ngalagena
19.  Dr. Mikihoro kataji pikeun nulis disertasi ngeunaan kasundaan téh sanggeus panggih jeung ... di Leiden.
a.     Moehammad Moesa
b.    M.A Salmun
c.     R. Heing Maler
d.    Mang Koko
e.     Mang Ujongalagena
20.  Sedengkeun budayawan Indonesia nu narjamahkeun buku-bukuna Dr. Mikihiro Moriama tina basa Inggris kana basa Indonesia, nya éta ...
a.     Moehammad Moesa
b.    M.A Salmun
c.     R. Heing Maler
d.    Mang Koko
e.     Mang Ujongalagena
21.  Bandung Lautan Api (BLA) téh kajadianana sanggeus pasukan NICA nu ditangtayungan ku tentara Sekutu datang ka Bandung bulan ....
a.     Desember 1945            d. Januari 1945
b.    Nopember 1945            e. Mei 1945
c.     September 1945
22.  Rahayat kota Bandung nu ngagugu pada ngungsi ka daerah Bandung kidul. Ngaran tempat nu kaasup ka Bandung kidul nya éta ...
a.     Lembang, Balé Éndah, Soréang
b.    Soréang, Dayeuh kolot, Cicaléngka
c.     Cimahi, Dayeuh Kolot, Soréang
d.    Padalarang, Soréang, Balé Éndah
e.     Lémbang, Dayeuh Kolot, Cimahi
23.  “Tah, nu matak ulah loba teuing ulin peuting paduduaan jeung kabogoh, akibatna pan karasa ku sorangan!”
Kecap akibatna sarua hartina jeung ....
a.     balukarna                     d. asalna
b.    kasangtukangna           e. kaonjoyanana
c.     kacindekanana
24.  “Pantes teu pantes kudu pantes, pamingpin nu kapilih kudu dirojong!”
Kecap dirojong hartina nya éta ....
a.     dipecat                        d. dibéla
b.    diturunkeun                  e. dihormat
c.     didukung
25.  Godi Suwarna salah sahiji sastrawan, pamaca sajak, jeung pamaén ... nu kaitung rada minculak.
a.     téater                           d. silat
b.    musik                          e. politik
c.     film
26.  Bakat senina miang ti .... nu milu ngipuk dirina mikaresep kana kasusastraan Sunda.
a.     kulawargana                 d. pagawéanna
b.    guruna             e. dirina
c.     dosenna
27.  Godi lulus kuliah di Jurusan Sastra Indonesia ....
a.     UPI Bandung                d. Unpas Bandung
b.    IKIP Bandung               e. ITB
c.     Unpad Bandung
28.  Sanggeus Pensiun ti Dinas Pendidikan Kabupatén ....., Godi leuwih museurkeun diri dina ngahasilkeun karya sastrana. Karya-karya godi nu kawentar diantarana Serat Sarwasatna, jeung Blus .... Lauk.





a.     Ciamis, Kéré                d. Ciamis, Béré
b.    Tasik, Kéré                   e. Tasik, Méré
c.     Bandung, Kéré
29.  Oto Iskandar di Nata nya éta salh saurang pahlawan di tatar Sunda. Dilahirkeun di Bojongsoang, Dayeuh Kolot.
Kecap dilahirkeun sarua hartina jeung kecap-kecap ieu di handap, iwal ....
a.     lugay                           d. dijurukeun
b.    gumelar                       e. a, b, c, d, salah
c.     dibabarkeun
30.  Oto Iskandar di Nata meunang julukan ku masarakat Sunda Si ....
a.     Gagak Harupat
b.    Jalak Harupat
c.     Maung Bandung
d.    Maung Lugay
e.     Injuk Harupat
31.  Sok tumaros saban neuteup bulan
Kecap saban bisa diganti ku ....
a.     nalika                           d. basa
b.    unggal                         e. waktu
c.     sawaktu-waktu
32.  Bulan indit teu daék balik deui
Kecap teu daék balik deui sarua hartina jeung ....
a.     pundung                      d. sono
b.    ngéwa                          e. ceuceub
c.     héman
33.  Saban pareng neuteup langit
Tingkalayang kalangkang sorangan
Kecap neuteup dina puisi di luhur, teu sarua hartina jeung ....
a.     nempo                         d. panggih
b.    ningali                          e, mencrong
c.     melong
34.  panjang-pondok, luhur-handap, laun gencengna sora dina maca sajak disebut ....
a.     wiraga                          d. lentong
b.    artikulasi                      e. wirahma
c.     pasemon
35.  Nu mangrupa hal nu ngabédakeun Sajak jeung Dangding nya éta ....
a.     patokan dina sajak mah leuwih bébas
b.    patokan dina dangding mah diatur pisan
c.     patokan dina sajak mah diatur pisan
d.    patokan dina dangding mah bébas
e.     a jeung b bener

B.    Eséy

36.  Tuliskeun 3 hal nu kudu diperhatikeun waktu urang prakték nyaritakeun pangalaman!
37.  Cing jelaskeun naon istilah-istilah ieu di handap!
(Memoriter, Ekstemporan, Manuskrip, Improptu
38.  Para mitra kaum dangu sadaya,..... wengi, tepang deui sareng sim kuring ....... ti radio .........ngalangkungan gelombang 99,9 FM, anu dijomantarakeun ti Jalan Setia Budi nomer ..............., Bandung.Langkung ti payun emang ........ nuhun kana perhatosan ti Alo-alo. Geuning seueur kénéh anu mikaresep kana Seni Sunda téh. Ku saha deui atuh Seni Sunda .............. téh upami sanés ku urang mah salaku urang Sunda
39.  Kahirupan sapopoé urang Dayeuh Kolot teureuh ménak ieu téh éstuning basajan. Teu sombong, nyaah ka nu leutik, hormat ka .........., tuladan pikeun ....... séjénna. Kiwari mah arang .......... manggihan jalma kawas anjeunna. Tapi lamun geus ngabéla bebeneran, merjuangkeun hak .........umum, éstu matak gimir nu ngayonan.(jalma, pisan, kahirupan, langka)
40.  Tuliskeun sasaruaan/sinoni tina kecap-kecap ieu di handap!
Sumawona             =          Kungsi              =
Puseur kota            =          Basajan            =

Kawentar                =          Pasoléngkrah    =

Tidak ada komentar:

Posting Komentar