UJIAN AKHIR SEMESTER II
(GENAP )
Mata Pelajaran :
Bahasa Sunda
Kelas :
X (semua jurusan)
Sunan Ambu di kahyangan boga anak lalaki, kasép taya papadana, ngaranna
Guruminda. Hiji peuting Guruminda ngimpi patepung jeung awéwé geulis, sarupa
jeung Sunan Ambu. Guruminda tuluy dititah turun ka buana panca tengah, gubragna
di nagara Pasir Batang nu diheuyeuk
Mas Prabu Tapa Ageung. Ieu raja boga tujuh anak, awéwé wungkul. Anu bungsu
ngarana Purbasari nu pangbageurna, panggeulisna.
Purbasari kapilih pikeun ngaganti raja. Éta kaputusan téh nimbulkeun
pasirikan lanceuk-lanceukna, utamanana Purbararang. Purbararang tuluy nyieun
réka perdaya, sangkan Purbasari turun tina kalungguhan. Ahirna Purbasari
disingkahkeun ka Gunung Cupu.
Hiji poé, Purbararang nitah ngala Lutung ka Aki Panyumpit, t
api anéh di
leuweung ngadak-ngadak euweuh lutung téh, padahal biasana lutung loba
tinggurayang, keur kitu aya lutung hiji keur guguyurangan dina tangkal. Ku Aki
Panyumpit disumpitan, tapi teu daék beunang. Aki Panyumpit leuwih kaget deui
waktu ngadéngé lutung téh bisa ngomong. Lutung ménta dibawa ka karaton.
Waktu si lutung dék dipeuncit di karaton, kacida lulumpatan ngaruksak
barang-barang di karaton. Lutung dibawa ka leuweung pikeun maturan Purbasari.
Ku lutung dipangnyieunkeun karaton anu kacida éndahna. Nénjo kitu Purbararang
kacida ambekna.
Purbasari diajak rupa-rupa lomba. Ti mimiti ngabendung leuwi, ninun,
pangeulis-geulis, tapi ku bantuan si Lutung, Purbasari tetep meunang. Lebah
dieu Purbasari bingung, sebab kabogoh Purbararang téh satria gandang anu ngaranna Indrajaya.
Ari pasangan Purbasari apan Lutung. Waktu Purbasari arék dihukum mati, si
Lutung robah wujud jadi Satria gagah nyaéta Guruminda. Ahirna Purbasari jeung
Guruminda jadi Raja di nagara Pasir Batang.
1. Jejer tina dongéng di luhur
nya éta ….
a. monyét kasarung c. lutung kasasab e. lutung kasarung
b. peucang kasarung d. lutung leutik
2. Kunaon sababna Guruminda
diturunkeunkeun ka buana panca tengah?
a. Hayang papanggih jeung awéwé
impianna
b. dipiwarang
ku Sunan Ambu d. ditungguan ku
Purbasari
c. sangkan ngadeg jadi raja e. keur maturan
Purbarara
3. Saha nu dititah néangan
lutung ka leuweung ku Purbararang?
a. Aki
Panyumpit b. Aki Léngsér c.
Aki Semar d. Purbasari e. Purbastiti
4. Kunaon sababna Purbasari
diusir ka Gunung Cupu?
a.
Sangkan Purbasari turun tina
kalungguhanana
b. Sangkan Purbasari panggih
jeung lutung d. Sangkan
Purbasari kalaparan
c. Sangkan Purbasari panggih
jeung Tapa Ageung e. Sangkan
Purbasari leuwih siap jadi raja
5. Waktu Purbasari rék dihukum
mati, Si Lutung robah wujud jadi jelema, Purbasari ngadeg raja di nagara ….
a. Pasir Bata b. Pasir Batangan c. Pasir Batang d. Kahyangan e. Buana
Panca Tengah
6. Watek anu dipimilik ku
Purbararang mangrupa sipat anu goréng. Hal goréng kudu jadi …keur kahirupan.
a. Picontoeun b. Tuladaneun c. Pieunteungeun d. Piénténgeun e.
pipanyakiteun
7. Dongéng téh sumebar ku cara
lisan, istilahna sok disebut ….
a. Tatapéla b. Tatalépa c. Pabéja-béja d. Tinulis e. Ahistoris
8. Dongéng nu eusina nyaritakeun
jalma bisa nu ngabogaan sipat teu lumrah jeung nu lian, nya éta dongéng….
a. Fabel b. Parabel c. Pamuk d. Sagé e.
Sasakala
9. Sedengkeun dongéng anu
dijerona nyaritakeun ngeunaan asal mula hiji tempat, kajadian, jeung barang,
disebut dongéng …..
a.
Fabel b. Parabel c. Pamuk d. Sagé e. Sasakala
10. Datang
kanyahoan, balik kanyahoan, ménta idin heula.
Babasan
atawa paribasa nu pantes keur ngagambarkeun harti di luhur nya éta …..
a. Buruk-buruk papan jati
b.
Datang katingali tarang,
undur katingali punduk
c. Cikaracak ninggang batu
laun-laun jadi legok
d. Adéan ku kuda beureum
e. Abang-abang lambé
11. “
Hadé gogog hadé tagog”
Harti
tina babasan paribasa di luhur nya éta ….
a.
Goréng-goréng
gé dulur sorangan
b. Hadé
basa, parangi, sikep, nyaho tata-titi
c.
Ku
leukeun mah sagala nu hésé gé jadi bisa
d.
Aya
tujuan lain
e.
Sarua
layeutna atawa geugeutna
12.
“Ari hirup mah kudu bisa pindah cai pindah tampian”, hatina ….
a.
Getol
dina pagawéan nu anyar
b.
Getol
dina diajar
c.
Bisa
narimakeun kana kakurangan diri
d. Bisa ngaluyukeun diri kana adat jeung
kabiasaan di tempat anyar
e.
Bisa
nahan diri nalika ambek
13.
“Ari
hirup téh ulah sok sombong, ngarasa aing pangpinterna, pangbeungharna, panggedé
pangkatna”
Babasan
atawa paribasa nu pantes keur harti di luhur nya éta ….
a.
Panjang
leungeun
b. Panjang létah c. Gedi
bujur d. Gedé haté e. Gedé hulu
14.
“Geus
dipapatahan sababaraha kali gé tetep si éta mah teu robah-robah kabiasaanna
téh”
Paribasa
nu pantes keur ngagambarkeun harti di luhur nya éta …..
a.
Adéan
ku kuda beureum d. Adat
kakurung ku hulu
b.
Adat
kakurung ku iga e.
Adat kakurung ku beuteung
c. Adat-adatan
da dicarékan
15.
“ Pa, punten abdi badé ….. ti payun, dupi bapa
badé iraha ….
a.
Mulih,
wangsul b. Mulih, balik c. Mulih, datang d. Permios,
wangsul e. Wangsul, mulih
16.
“Bapa
nuju …. Sareng pais lauk, abdi nuju ….. sareng semur jéngkol, pun adi nuju …..
sareng endog.
a.
Tuang, neda, emam d.
Neda, tuang, dahar
b.
Dahar,
nyatu, kulem e.
Kulem, mondok, bobo
c.
Mulih,
wangsul, uwih
17.
Ibu
badé …. ka Bandung ayeuna? Abdi mah badé …. Énjing wé sareng pun adi.
a.
Indit,
miang b. Angkat, mios c. Angkat, mulang d. Balik, mulang e. Pupus, ngantunkeun
18.
Sandiwara di tatar Sunda anu omonganna
dihaleuangkeun make pupuh tur dipirig ku alat musik ....
a.
Gendingkaresmén b. longer c. tunil d. gondang e. drama
19.
Omongan palaku dina drama ka dirina sorangan,
disebut ....
a.
Prolog b.
katerangan c. palaku d. monolog e. dialog
20.
Bagian tina babak nu ditangtukeun ku datangna
atawa inditna palaku dina drama, disebut ....
a.
adegan b. katerangan c.
dialog d. epiloh e. prolog
21.
Eusi carita drama nu nyaritakeun hiji kajadian
pikasediheun, disebut ....
a.
komedi b.
parodi c. carita d. longer e. tragedy
22.
Anu teu kaasup bédana dongéng jeung carita
pondok téh nya éta …
a.
Dongéng mah caritana panjang carpon mah caritana
pondok
b.
Dongéng mah karya sastra heubeul, carita pondok
mah karya kiwari
c.
Dongéng mah loba unsure pamohalanana, carpon mah
kahirupan nyata
d.
Dongéng mah euweuh pangarangna, carpon mah aya
pangarangna
e. Dongéng mah jarang nyaritakeun manusa,
carpon mah umumna nyaritakeun kahirupan manusa
23.
Carpon téh mangrupa bagian tina carita prosa ….
a.
arguméntasi b.
déskripsi c.
narasi d. éksposisi e. pérsuasi
24.
Buku kumpulan carpon nu pangheulana medal
judulna ….
a.
Saratus carpon sohor d. Dogdog
Pangréwong
b.
Si Leungli e.
Bagong Bayangan
c.
Katunggaraan
25.
Carita pondok nu pangheulana medal/terbit dina
majalah….
a.
Priangan b. Cupumanik c.
Sipatahunan d. Kujang e.
Manglé
26.
Carpon “Jajatén Ninggang Papastén” dikarang ku
….
a.
RAF b.
Rus Yusyana c. RAP d.
Ayatrohadi e. Yus
Rusyana
27. Sanggeu
hidep maca carpon “ BULAN WANCI SAREUPNA” rasa naon aya dina éta carpon ….
a. Yakin
jeung bungah c.
ambek jeung nyeri hate e. Bingung jeung sedih
b. handeueul
jeung bungah d. Teu
puguh rarasaan
28. Anu teu
kaasup kana amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca dina Carpon “
BULAN WANCI SAREUPNA “ nya éta …
a. Hirup
mah bakal manggihan maot d.
Kudu bisa narimakeun hirup
b. Kudu téga ninggalkeun kawajiban e. Hirup mah kudu daék ihtiar
c. Tong
kabibita ku hal nu can puguh
29. ....
Pindah ka alas peuntas. Néangan hirup jeung huripna. Di ditu, di tempat nu
ayeuna rék dijugjug. Ukur éta anu aya dina ingetan kuring mah. Sabab rék ka
mana deui, ari lain transmigrasi mah. Kawasna Pa Lebé saparakanca kapincut ku
dongéng Mang Satibi baréto. Puluhan taun ka tukang, Mang Satibi kungsi indit
ninggalkeun lembur. Anu séjénna mah, harita, kalah ka tingbirigidig diajak
nyorang sagara téh. Ngan Mang Satibi anu beunang disebut nékad. Inditna kadua
pamajikan. Henteu mawa bekel nanaon. Heuleut lima taun ti harita, Mang Satibi
nganjang deui ka lembur. Terus ngadongéng, kumaha senangna di alas peuntas. Cék
dongéng Mang Satibi, di ditu téh manéhna geus bisa nyieun gedong, meuli motor,
meuli sawah jeung tanah. Padahal pagawéan sapopoéna mah henteu hésé, ukur
ngurus kebon sawit.
….
Maksud tina sempalan Carpon di luhur Mang Satibi indit
ka alas peuntas milu program ….
a. Nepungan
dulurna c. Ngolah
kebon sawit e. Ngarobah
hirup
b. Imigrasi d. Transmigrasi
30.
Puseur implengngan/sudut pandang nu kagambar
dina sempalan carita pondok di luhur nya éta ….
a.
Jalma
kahiji d. jalma kaopat c. Jalma kadua d. Jalma kalmia e.
Jalma katilu
Essay
1.
Tuliskeun
5 rupa cirri-ciri carpon!
-
Museur kana hiji kajadian utama
-
Mangrupa hiji episode
-
Caritana henteu loba pamohalan
-
Sastra tulisan
-
Bisa réngsé dibaca dina sakali mangsa
2.
Tuliskeun
3 ngaran-ngaran pangarang Carita pondo!
Yus
Rusyana, Usep Romli. Wahyu Wibisana
3.
Tuliskeun
4 rupa wangun drama dumasar kana sipatna!
Komedi,
tragedy, Melodrama, Farce
4.
Naon
anu dimakasud prolog, jeung epilog? Pék jelaskeun!
Prolog= katerangan awal ngenaan katerangan carita,
suasana dina drama jst
epilog ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup.
Eusina biasana kacindekan pangarang ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku
wejangan atawa amanat. Malahan aya epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang
jeung para pamaen ka nu lalajo
5.
Pék
lengkepan tabel Ragam Basa Hormat di handap!
Basa Loma
|
BHKS
|
BHKBS
|
aki
|
pun
aki
|
……tuang eyang…….
|
beuteung
|
……padaharan/beuteung………
|
patuangan,
lambut
|
…………datang………
|
dongkap
|
sumping
|
…………era………
|
isin
|
…………lingsem……….
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar