Rabu, 01 Oktober 2014

UTS Ganjil 2013

ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas : X (semua jurusan)



1.       Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut ….
a.        Retorismeu           d. retorika
b.       Purwakanti            e. gaya basa
c.        mamanis basa
2.       Dina wanda/jenis biantara aya nu disebut Mémoritér, maksaudna ….
a.        biantara ngagunakeun naskah
b.       biantara ngagunakeun poko-poko bahasan
c.        biantara ku cara ditalar

d.       biantara anu ngadadak/teu persiapan
e.       biantara dina pasanggiri
3.       Sedengkeun biantara anu ngagunakeun téknik manuskrip nya éta ….
a.        biantara ngagunakeun naskah
b.       biantara ku cara ditalar
c.        biantara ngagunakeun poko-poko bahasan
d.       biantara anu teu persiapan/ngadadak
e.       biantara pasanggiri
4.       Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal
a.        basa
b.       lentong
c.        kamampuh ngawasa eusi
d.       kamampuh mangaruhan batur
e.       sikep awak jeung dangdanan
5.       Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti ….
a.        sikep awak                             d. éksprési awak
b.       ékspré beungeut          e. papakéan nu digunakeun
c.        bedas jeug nuyun
6.       “ sakitu anu …. , bilih aya basa anu kirang …., pondok nyogok panjang …., langkung saur bahé …., bobo sapanon carang …..”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah dina bagian biantara di luhur nya éta ….
a.        kapihatur, merenah, nyugak, carék, ayakan
b.       kapihatur, merenah, nyugak, carék, sapakan
c.        merenah, kapihatur, nyugak, ayakan, carék
d.       merenah, kapihatur, nyugak, sapakan, carék
e.       nyugak, sapakan, carék, merenah, kapihatur
7.       “tutus langkung képang …., kirang dingding ….., mugia ageung cukup …., jembar hampura anu ….”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
a.        halang, kelir, lumur, diteda
b.       halang, kelir, wadah, disuhunkeun
c.        disuhunkeun, wadah, kelir, halang
d.       dipénta, kelir, lumur, jarang
e.       wadahan, témbok, rawatan, dipiceun
8.       “Ngadegna sim kuring di ieu tempat Insya Alloh seja medar perkawis Bahaya Narkoba kanggo Kaom Rumaja
Ungkara/kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
a.        bubuka biantara
b.       salam panghormat kanu haladir
c.        nepikeun eusi biantara
d.       nepikeun kacindekan biantara
e.       panutup biantara
9.       Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén/tugas sok disebut ….
a.        biantara bubuka
b.       biantara panutup
c.        biantara sambutan
d.       biantara pertanggungjawaban
e.       biantara mangaruhan batur
10.    Bapa kepala sakola nuju ngadugikeun biantara sambutan dina rapat kenaikan kelas. Kecap sambutan sarua hartina jeung ….
a.        Pamapag                c. pancén
b.       orasi ilmiah            d. kampanyeu       e. pasanggiri
11.    Milih jejer dina carita pangalaman téh sarua jeung nangtukeun picaritaeun. Kajadian naon nu ku urang rék dicaritakeun téh? Iraha …. Jeung di mana ….?, kumaha …..waktu ngalaman éta kajadian? Pikaresepeun, pikasieuneun, pikasediheun, atawa pikakeuheuleun.
Kecap naon waé nu pantes keur ngalengkepan wacana di luhur?....
a.        waktosna, kajadianana, perasaan
b.       waktuna, tempatna, rarasaan
c.        mangsana, kajadianna, paraosan
d.       waktuna, kajadianana, rarasaan
e.       wancina, latarna, rasa
12.    Sanggeus nangtukeun jejerna, kakara nyusun kajadian anu ku urang rék dicaritakeun. Disusun sing mérélé ti awal nepi ka ahir.
Kecap mérélé sarua hartina jeung ….
a.        otomatis c. optimis
b.       sistematis               d. kronologis         e. kronis
13.    Sanggeus nangtukeun jejer, kakara susun kajadian anu ku urang rék dicaritakeun. Disusun sing ….. ti awal nepi ka ahir. Alusna mah dijieun daptar unggal …. kajadian cukup gurat badagna baé. Péréléan gurat badag kajadian téh bisa disebut …. Kajadian
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan wacana di luhur nya éta ….
a.        mérélé, runtuyan, rangkay
b.       rangkay, mérélé, runtuyan
c.        runtuyan, rangkay, mérélé
d.       ramé, jejer,  sistematis
e.       sistematis, jejer, ramé
14.    Tepikeun carita pangalaman urang dumasar kana rangkai karangan anu geus dijieun, kucara kitu, paling henteu urang boga bahan picaritaeun anu ngaguluyur.
Kecap ngaguluyur sarua hartina jeung ….
a.        teu lancar              c. baseuh
b.       genceng                 d. sampurna          e. lancar
15.     Tepikeun carita pangalaman urang dumasar kana rangkay karangan anu geus dijieun. Ku cara kitu, …. Urang boga bahan picaritaeun anu ……  Ku lantaran kitu rangkay karangan mah ngan nyatetkeun gurat badagna kajadian ku urang kudu ….(dikembangkan) deui diwuwuh ku katerangan-katerangan anu dianggap perlu.
Kecap-kecap nu pantes keur ngalengkepan wacana di luhur nya éta ….
a.        sahenteuna, ngaguluyur,  dipekarkeun
b.       saenyana, ngaguyulur, dimekarkeun
c.        sistematis, ngaguluyur, dipekarkeun
d.       otomatis, ngaguyulur, dimekarkeun
e.       kronologis, ngaguluyur, dipekarkeun




16.    “ Wilujeng … pa, hapunten abdi …. Kasiangan margi di jalan macét.”
a.        sumping-datang                    d. sumping-lungguh
b.       dongkap –sumping              e. sumping-dongkap
c.        dongkap-datang
17.     Pa Hari          = “ Junéd, kunaon kamari teu sakola?”
Junéd             = “ duh, punten pan kamari té abdi …. Teras dipariksa ka dokter
a.        Gering                    c. sakit
b.       raraos                     d. teu raraos         e. teu damang
18.    Bu Hodijah     = “ Nonih, kunaon diajar téh kalah ngadon saré?”
Nonih             = “ teu kiat bu ….. jangar , wengi ngaréngsékeun PR dugi ka tabu dua belas”
Bu Hodijah     = “ ngerjakeun PR atawa Pésbukan?”
Nonih             = “ sakantenan wé bu, ngaréngsékeun PR sareng onlén”
a.        nyeri mastaka       c. rieut sirah
b.       nyeri hulu              d. rieut mastaka    e. nyeri babatok
19.    Basa lemes/hormatna létah keur ka batur nya éta ….
a.        lidah                       c. ilat
b.       jilat                          d. angkeut     e. rumbah
20.    Nyebutkeun gado keur ka batur/hormat ka saluhureun nya éta ….
a.        angkeut                  c. angeut
b.       ilat                           d. rumbah              e. rombéh
21.    “ Ibu Reni teu tiasaeun ngalieuk kumargi …. nembé dioperasi. Abdi mah nyeri beuheung téh upami lepat posisi bantal waktos mondok”
a.        Leherna                 c. angkeutna
b.       Pungkurna             d. pinareupna       e. tenggekna
22.    Basa Sundana punggung téh tonggong, sedengkeun basa lemesna tina tonggong nya éta ….
a.        ilat    b. tenggek    c. pungkur   d. angkeut e. pinareup
23.    Ramo abdi mah baruntet tapi upami …. Ibu mah laléncop.
a.        tanggeuy   b. tanggay  c. jari  d. panangan   e. imbit
24.    Bujur abdi kompéd, upami …. Ibu mah bahénol.
a.        tanggeuy  b. tanggay   c. jari   d.panangan  e. imbit
25.    “Pa, punten abdi nyuhunkeun …. Badé kapengker”

a.        diwi   b. idin  c. ijin   d.permisi   e. widi

Tidak ada komentar:

Posting Komentar